Senin, 25 April 2011

SAWER PANGANTEN 1

Bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan
Eulis- Asép nu réndéngan
Mugia kasalametan

Salamet nu panganténan
Ulah aya kakirangan
Sing tiasa sasarengan
Sangkan jadi kasenangan

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
Nyambung ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
nyambuang ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni sunda sawe asli

Bismillahi kawitaning muji
Muja nyebat asma Pangeran
Nu welas asih ka kabeh
Ngurus sadya mahluk
Eusi alam taya nu kari
Gusti urang sadaya
Geusan sumalindung
Ka bingah sareng ka sesah
Nu karaos musibat ageung jeung alit
Mantna nu ngraksa.

Kapara tamu sadayana
Warga wargi nu araya
Abah nyelang nyawer heula
Antosan da moal lila

Ujang nyai sami gandang
Sami calik dina ranjang
Ujang masih keneh bujang
Nikah kanu geulis lenjang

Amit widi neda asih haksami
Jisim kuring neda pangaksama
Bade nyelang heula nyawer
Tumut galur karuhun
Titis waris ti nini aki
Karya bujangga baheula
Pun sampun paralun
Sanes pinton katiasa
Mung sakadar hariring tambi pamali
Keur tawis pakaulan

Pun sapun amit paralun
ka batara ka batari
nu di luhur nu dihandap
nu ngageugeuh bumi langit
di buana panca tengah
nu ngajaring beurang peuting

Rarépéh pameget istri,
ieu rék ngawruruk putri,
piwuruk terus jeung santri,
supaya jadi pamatri

Bojo engkang pupujaning ati
ieu panto enggal geura buka
atos sah urang pajongok
parantos disahkeun ku hukum
nyicingan parentah agami
nyumponan kaislaman
disaksi di kaum
urang nikah parantos sah
hirup kumbuh sauyunan anu resmi
ancrub kasugemaan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar