Jumat, 03 Juni 2011

GUGURITAN-SISINDIRAN : KINANTI NU PRIHATIN

KINANTI :


Puyuh kungkung dina kurung,
titiran sareng waliwis,
eunteup dina rangrang muncang,
disumpitan teu katepi,
haur hejo sapanggulan,
pikeun kuring nyangcang munding.

Isuk nguyung sore nguyung,
mikiran Nyai nu geulis,
geus lami henteu patepang,
saban wengi sok kaimpi,
kaimpi katojo bulan,
panganggo teuing ku ginding...

Cikapundung caah kiruh,
urut hujan peuting tadi,
gedena kabina-bina,
ti beurang nepi ka peuting,
sarahna kakara datang,
teu benang dipake mandi...

Neda saur anu puguh,
ulah matak nyeri ati,
cik carios saenyana,
diantos beurang jeung peuting,
Engkang sesah sakalintang,
pasini hayang ngajadi...

Titiran ti suku gunung,
japati sisi basisir,
nya kuntul nyaba ka ranca,
pabaur reujeung waliwis,
nya teduh menang di girang,
katojo ku katumbiri.

Pipikiran langkung bingung,
nya ati nu mangsar-mingsir,
ngan wungkul susah nu aya,
pabaur reujeung aringgis,
ewuh bingung sieun wirang,
anu bodo kantun nyeri...

Kukupu bodas kulawu,
harimumu hideung deui,
cat mancat ka bale kambang,
ngait mayang ku kareumbi,
badoang manuk badoang,
eunteup dina pakuhaji...

Ku lucu nu Bodas huntu,
ari imut tuluy seuri,
hanjakal ku tereh mulang,
pikir ngait ti pandeuri,
dagoan atuh dagoan,
dagoan Engkang rek jangji...


KINANTI NU PRIHATIN

Tidak ada komentar:

Posting Komentar