Senin, 25 April 2011

KINANTI : "17 TAUN KA PUNGKUR" (1+2) Dina mumunggang carita urang duaan : WANCI KIWARI TEPANG DEUI

Tujuh welas taun kapungkur
Urang kungsi silih asih
Sarua papada nyaah
Mibanda janji pasini
Ngentepkeun cinta katresna
Rek nepi ka laki rabi.

Saksina tuh itu gunung
Jeung laut katut basisir
Di sapanjang Palabuhan
Malah bentang anu peuting
Baranang gigireun bulan
Langit bumi jadi saksi.

Tsanawiyah kelas tilu
Urang mimiti papanggih
Aya rasa nu sarua
Aya daya manteng asih
Endahna cinta munggaran
Manis dugi ka kiwari.

Mun angin bisa sasaur
Ngaharewos ngahariring
Sakolaan cumarita
Sadayana jadi bukti
Basa Engkang kedal lisan
Tresna ka Euis nu manis.

Sarebu salapan ratus
Salapan puluh ngan leuwih
Aya tilu kira-kira
Tanggal, bulana mah lali
Ngedalkeun eusi hatena
Surat cinta nu mimiti.

Cing alam anu gumantung
Ka Gusti sembaheun abdi
Pang bejaan pangwartosan
Ieu hate tacan robih
Ieu manah tacan robah
Manteng asih na kakasih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar