Senin, 25 April 2011

KANGGO PERMATA PUPUNDEN RASA TANSAH ASIH TI KAKASIH...Kalongampih !

...Dina aworna ombak Sagara Kidul,
dina hiliwirna angin peuting,
samar-samar salira ngolebat-na-lelembutan
nu geulis, nu manis kapireungeuh nyangsaya teungaheun dada,
nyusup dina lahunan kalbu,
sumelende dina sela-sela hate
peunteu eunteup padeukeut pinuh kadeudeuh,
panangan nyampai nyolempang taktak,
ramo bentik nyisir pipi
hanjakal jungjungan ngan sakolebat,
ngiles tengahing nyanding :
"Mung sataun urang sauyun, tujuh welas taun kapungkur masih barau cikur; nuju papada di lembur
tunggal sakota; meujeuhna urang sarua barudak ngora"...................................................

Namung hate bungangang "ayeuna"
geningan Salira teh masih keneh aya...
nohonan pamenta rasa,
cunduk tepung dina suwung....
Salira "Ajeung" dipasieup ku-raksukan warna seukeut,
teu kantun "Perhiasan" kagindingan,
nambihan kageulisan nambihan kamanisan
imut "Ayu" ngagelenyu matak kayungyun nyambuang ku seuseungitan
rambut "Ikal" mayang sari mapaesan mani asri,
anggoan "Nyitak" Salira !
Kayungyun mikaresep kaendahan,
lagu syahdu nada cinta katresna,
geugeut pinuh ku kadeudeuh,
satia kana subaya tara jalir kana janji pasini
Sulaya mun "Anjeun" disangka "Khianat" (Ku-Akang),
Henteu pageuh nyepeng pamadegan : "Yen Anjeun teh Anu-Akang !".

...Deudeuh teuing...Euis jungjunan Akang,
padahal Anjeun-mah langkung geugeut mikaresep
Salamina nineung; hariwang tur melang :
di mana, kumaha, iraha, jeung ka "Saha" atawa ku "Saha" dupi-Akang ???
Sawangsulna gening Akang-mah
bet-jep angin jempling buyut nyauran,
henteu mawa beja pakumaha
jiga bentang ngaricepan,
weleh teu mawa titipan.
Akang kawas mega eureun lempang rek nutupan bulan nu neuteup seukeut wanci janari
bari henteu mawa janji pasini !

Duh Euis, Akang nyuhun ampun paralun,
neda agung cukup lumur, neda panghampura ka salira :
"Akang lir peuting kutengteuingeun,
datangna ukur mawa keueung
henteu mawa pangharepan,
henteu beja-beja acan !
Boro lila didagoan,
sugan Anjeun babawaan,
datang mawa pangharepan,
talatah iber jungjunan !
Duh untung mun boga jangjang,
rek hiber arek diteang si Akang,
katineung nu didagoan !
Hayang menang kacindekan,
anu jadi panyileukan,
naha baris kalakonan,
atawa ukur impian ???
Kitu meureun gerentes hate salira Euis ka Akang.
Sakali deui, ieu "diri" Akang amit widi ka Salira :
Nyuhun ampun paralun, neda jembar panghampura !"

...Euis katresna Akang :
Naluri Akang ge sami sareng naluri Euis,
mibanda rasa welas mikanyaah,
miati asih sareng dipikaasih,
ngan Akang rada "Pinter-Maksakeun" nyumputkeun kasedih,
resep nyepen nyorangan,
ngabuni-buni diri nyamuni dina mangsi,
katungkul waktu ku tumpukan buku,
kabengbat ku ngalayahna kitab,
diwuruk elmu ku para sepuh jeung guru,
diatik ngarti ku para catrik jeung kiayi,
dijeujeuran kabisa ku para ustadz jeung ulama.
Harita upama dibasakeun mah Akang teh boga Carita :
"Buku Yang Telah Membawa-ku Meninggalkan-mu; meninggalkan-kan Kampung Halaman, Lalu;...Kemudian Apakah Yang Akan Membawa-ku Pulang pada-mu, pada Kampung Halaman ???"

Euis, Euis Pujaan ati
padahal, Akang ge miharep warta
beja jeung carita ti salira :
"Naha bet kuteungteuingeun, banget ieuh poekeun ?"

...Euis, Euis pujaan ati,
naluri akang ge sami sareng naluri galibna lalaki,
ilaharna nonoman nu nuju katarik kataji ati ku hiji istri,
kapentang asmara katresna ku hiji wanoja,
nyatana geuning Salira !
Malihan Akang mah kakaraeun pisan,
ieu meureun nu disebat ku murangkalih kiwari
minangka budak ngora ayeuna :
"Cinta Nu Munggaran".

Jungjunan, ...rupina Salira ge ngaraos,
diantawis urang aya ucap anu sarua,
nu teu kedal dilisankeun mung endah dirasakeun,
setra wening mapaesan Taman Hate.

Diantawis urang aya daya manteng asih,
nu kacipta mangsa anggang
narembongan dina jempling...
imut anteb ranggeuy pinuh kageugeut

Hanjakal waktos teh teuing kulana...
margi diantawis urang harita kaselang
jeung misah alam panglawungan,
mangsana geugeut padeukeut
bet ngilesna apeng-apengan

Deudeuh teuing ieu hate nu leungiten ngalongkewang,
sedeng ari sari mamanisna can tangtos buktos kasorang deui
(tapi Puja Ka Nu Maha Kawasa Murbawisesa, Puji Ka Nu Maha Suci, Gusti Purwaning Dumadi, Punjung Ka Nu Maha Agung, Pangalem Ka Pangeran Yang Murbeng Alam) :
"Urang ayeuna yasa tepang deui,
bari kasurti anger nyanyandak ati-asih nu kamari,
mangsa harita urang keur ngora,
malihan urang budak leutik aralit keneh".

Tujuh welas taun kapungkur
Kiwari Kasuat-Suat Deui ! 

Euis, rupina salira ge ngaraos
diantawis urang aya lagu pulas ungu,
linduk asih dina kalbu
ngan harepan dina hate kiwari ngancik,
urang yasa tepang deui
duka enjing pagetona dina simpe...

Sanaos kitu sok katampi...Jungjunan
tawis asih ti kakasih
tanda cinta ti nu anggang
permata pupunden rasa.
Panasaran..., dikotektak ditalungtik
Saha atuh Salira anu saestu ???

Aya warta oge mendak carita,...
yen anu geulis teh
kantos aya nu miboga
........sanaos kitu kaayaanana jeung kanyataan Salira
da eta mah meureun :
"Titis tulis ti ajali,
kulak canggem bagian
jeung nasib diri"

Namung,...
Ti mangsa Tujuh Welas Taun Kapungkur
Rindu Akang teu surud ku umur jeung waktu
Cinta Akang teu rarad ku mangsa ka Salira...
Katresna Akang ka salira
Teu cacad ku anggangna tempat !

Tansah Asih,
Santjang Loemakoe
Shafar 1432 H
"Duh Euis geuning teu nyana
geulis lir bulan purnama
jadi buah ati Akang
mideudeuh kabina-bina

Mun teu emut kana qodar
tinangtos Akang teh sasar
Aduh Euis masing kasobar
emutkeun nasib jeung qodar"
Cag !

"Kalongampih"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar