Sabtu, 14 Mei 2011

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi!? (1)


I. Panganteur
Sunan Gunung Djati-Puluhan taun katukang mun teu salah mah taun 80an di daerah Ujung Berung Bandung pernah geger aya tukang gali manggihan mayit nu geus ratusan taun beleger keneh. Harita teh keur usum mindahkeun kuburan umum keur dijieun perumahan, diantara tulang-taleng sesa awak jelema pas lebah tangkal caringin gede ka gali aya mayit lengkep keneh dibungkus kulit nepi ka buuk-buukna (digelung) bari kukuna paranjang…harita teu kaburu nyaho dikumahakeun eta mayit teh, ngan nu jelasmah ceuk cenah matak kitu teh sabab eta jelema baheula teh ngawasa elmu batara karang …nyaeta cenah elmu kanuragan elmu weduk lir batu karang teu kuat dikadek nepikeun ka paeh ge angger awakna teu busik….hanjakal teu apal dikumahakeun eta mayit teh, nu jelas mah teu dikamusiumkeun.
Sabaraha taun saenggeusna,…
ditempat lain, di daerah Tasik pakidulan kabeneran manggihan hal nu sarupa. Waktu warga keur nugar tangkal manggihan deui jasad nu beleger….sarua deui geger…pada silih tanya saha nu ngagangguna ditambah balarea baroga kasieun ku tulah tina ngahudangkeun ’jurig’ jawara sabab perbawa tahayul rekaan atina nu cenah pasti baheulana ieu jelema boga ajian batara karang. Tapi, kabeneran papanggihan nu kadua ieu mah bari ditambahan ku nganyahokeun ’solusina’. Sore eta keneh aya kokolot lembur datang nganggeuskeun pasualan. Eta mayit diasupkeun kana munding –nu geus dipeuncit jeung dikaluarkeun jeroanana heula- bari saeunggeus diparancahan bur weh dipiceun ka laut.
Ngaliwatan dongeng-dongeng jalma rea jeung papanggihan diluhur….
Harita, sakuringeun, kecap Batara Karang atawa batu karang (disaruakeun) boga rasa kecap nu goreng nyaeta kecap nu ngan dipikaneneh ku preman, garong, begal, jawara jeung sabaturna nu ngajarago sabab weduk, kalakuana kawas-kawas jauh ti jalma ’bageur’ jauh tina wawadi agama. Basa hayang nyaho tatanya ge kaburu kandeg dihuitan ku guru ngaji ”ulah ngelmu kitu jang…eta mah elmu teu matak sampurna… hirupna sok teu hurip komo aya guna keur papada mah….malah tingali we ku hidep…. geus maot ge awakna teu bisa ruksak teu bisa mulih ka jati mulang ka asal”.
Bisa jadi meureun sabab jasad nu lain mah lebur deui jadi taneuh (terurai ku mikroba jadi sirna) ari ieu mah angger teu ruksak…jadi we dianggap teu sampurna. Beu…. padahal lamun bisa teh meureun keun bae hirup mah kumaha aing weh… ngan geus pasti lamun paeh teh bakal kasohor, Fir’aun ge nepikeun ka ayeuna pada ngadeugdeug sabab aya bukti mayitna - bari manehna mah kudu di balsem…ieu mah teu kudu da kuat sorangan. Lumayan jadi aset wisata pakeun nagri nu loba hutang.
Tapi ketang,….. pas rek nambalang teh aya deui ingetan lain: kumaha mun dijadikeun ’percobaan’? jeung diera-era disebut kafir? wah meureun karunya anak incu susaheun bari nyirnakeuna ge kudu nyusahkeun batur sabab mahal kudu meuncit munding sagala..mending lamun mundingna aya keneh lamun ’punah’? meureun anak incu kabere geugeuleuhna…hanas saaingeun mah keun bae da geus paeh ieuh kasebutna.
Saur guru ngaji di kampung mah kieu ”urang mah kudu diajar bisa innalillahi wa innailaihi raji’un sampurna balik sampurna. Sampurna ning beak sirna raga sirna rasa. Malah kongas cenah luluhur baheula mah nepikeun ka barisa tilem-ngahyang. Jelemana jagjag keneh dina waktuna mulang ka kalanggengan teh bari langsung nyanggakeun badanna ku nyalirana ka nu Maha Suci teu kudu nungguan dibantuan ku alam” (tingali ngeunaan- ngahyang/tilem di alam kami).
Atuh niat tatanya ka kolot-kolot lembur tangtung sunda teh jadi pugag harita mah sabab elmu batara karang atawa sok oge disebut (disaruakeun jadi) elmu batu karang teh lain ngeunaan kasampurnaan nu oge cenah teu saluyu jeung ajaran agama (islam)….malah-malah di Jawa ge sarua, diantarana nu didugikeun ku Sunan Mangkurat IV, ieu sesepuh jawa teh masihan wawadi (tingali: Ma’rifat kejawen ) yen ulah diajar elmu Batu Karang sabab –singketna- lain elmu kasampurnaan nudipirido ku Allah swt.
Ngan…..
kadieunakeun aneh pisan…..
Dina ulikan kasundaan mah (nu ngaos kedah nganggap heula ieu kasundaan versi-sateuacan ngabuktoskeun ku cara empiris tina metoda/teknik nu didugikeun/dipendakan leres henteuna)….dina salah sahiji ulikan poko kasumedangan (elmu madangan/nyaangan batur –ulikan advance dina kapajajaranan) salah sahiji atikan pokona teh manusa kudu JADI Kanyataan Karang. Jadi kanyataan Karang teh cirining kasampurnaan hiji seuweu sunda… sasat-sasat hasil tina ngulik Batara Karang (salian ti jadi kanyataan Ujung Kulon jeung Ratu Galuh – (tingali: diantarana tulisan ”sasaka kabantenan jeung nanjeurkeun deui Pajajaran tangtung”).
Aeh naha jadi muter deui?… panggih deui jeung ajian batara karang ?? boa kasundaan nu ieu teh memang enya lain ulikan kasampurnaan?? naha luluhur sunda bet ngajarkeun batara karang/kanyataan karang? naha beda jeung ajaran seuweu jawa nu nyaram ngulik elmu batu karang?… tulisan ieu insya Allah rek ngaguar eta sakadugana.
II
Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian panganteur aya ulikan utama (advance) jadi Kanyataan Karang, nu saliwat mah –sabab geus katumanan ku rasa kecap karang nu hartina teuas/weduk /kanuragan/ nu teusampurna – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan kanuragan supaya jadi weduk mungkul.
Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah…
Ulikan hayang weduk mungkul mah, lain ku cara ngulik nepi ka batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya, ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus bisa (utamana lamun teu make puasa) - nu diajar bisa weduk.
Bari nu kitu teh,…
Sok baroga pantangan bari mangaruhan karakter nu ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jrrd gumantung kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara ngaleungitkeunana deui -install jeung uninstall- aya nu install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge -nu alus mah- bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna) (tingali – bagian IV atawa tulisan ’Kanuragan kami naha enya kanuragan?’).
Na nu kumaha atuh ajian batara karang jeung jadi kanyataan karang teh?
Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti diluhur?
Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu dipake….
1. Harti Kecap KARANG
Lantaran kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia) batu nu teuas nu kapanggih di laut ( tingali - Kamus umum Basa Sunda LBSS 1992).
Matak tuluyna….
Eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana. …tuluyna dadaran eta entri…pakarangan cenah, misalna, tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang.
Sabenerna di kampung mah…
Harti kecap KARANG teh TANEUH. Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi ku umum. Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya. Pokona mah taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan aya tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!??
Matakna…
Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa) nepikeun ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah dijadikeun milik camat (sabab bisa).
Saluyu jeung eta…
Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa); Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan (sabab bisa) eta seuweu siliwangi; Aya Karang pawitan di Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa). Aya deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu karem ku ombak laut kawas ngambang luhureun sagara.
Jadi sakali deui…..
Hartina karang di sunda mah taneuh…. matak tangtu pada nyaho naon ari banjar karang pamidangan?.
2. Harti kecap BATARA
Kecap Batara aya sabaraha harti:
Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina 2 hal lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang jeung Batara Sakawayana.
Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna. Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara.
Katilu, Di Bali oge dina wayang di sunda Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa. Dewa wisnu disebut oge batara wisnu, dewa siwa batara siwa jst.
Tilu harti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng alam.
Ana kitu…..
Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala jeung ku sagala bisa) eta dina dirina.
Ana kitu….
Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam. Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka rasulan..)
Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang ?? jadi naon atuh beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?? (bagian VII)
Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya …mana saksina…?? kumaha carana/metodana/paradigmana ?? [EDDY NUGRAHA]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar