Senin, 25 April 2011

Sisindiran.....Sanes NYINDIRAN !

Kaduhung kuring ka Lembang,
Ti Lembang jauh ka Cina,
Kaduhung kuring kagembang,
Kagembang kieu rasana.

Ban karet geuning ban karet,
Ditumpakan ku nona Cina,
Kapelet kuring kapelet,
Kapelet kieu rasana.

Majar maneh rek ka huma,
Ka cai ngajingjing kendi,
Majar maneh rek karunya,
Kari-kari nganyenyeri.

Bongan bangkong bongan bangkong,
Ka cai teu di mandikeun,
Bongan bohong bongan bohong,
Pasini teu dijadikeun.

Ngala suluh ka Cililin,
Acan kakejo parena,
Ulah rusuh ngajak kawin,
Acan katenjo hadena.

Ngala pangpung meunang ruyung,
Ngala regang kai papan,
Gering nangtung ngalanglayung,
Lantaran ti kaleleban.

Ngala suluh ka Cicurug,
Ngala regang ka Ciheulang,
Najan jauh kuring jugjug,
Najan anggang kuring teang.

Cai mulang cai malik,
Cai ngocor ka astana,
Bingung mulang bingung balik,
Kabongroy kieu rasana.

Nyoo bogo ka sagara,
Ngala penyu ka basisir,
Nya bogoh ulah katara,
Neundeun semu dina pikir.

Beunteur beureum bodas beuteung,
Paray naek ka tampian,
Anu heubeul geura piceun,
Kuring daek ngagantian.

Sok hayang nyaba ka Bandung,
Ka Soreang ka Majalaya,
Sok hayang nanya nu pundung,
Hoyong terang kapalayna.

Sada ketuk sada kendang,
Sada karinding di jami,
Sada batuk sora akang,
Kuring ngantos geus lami.

Kunang-kunang dina bilik,
Digantelan sapu tangan,
Ngudag-ngudag lain milik,
Tungtungna era sorangan.

Damar kurung damargantung,
Damar siang pamidangan,
Mun teu tulus ka si jangkung,
Palangsiang kaedanan.

Cau susu jantung hideung,
Matak peunggas palapahna,
Lucu ku nu jangkung hideung,
Matak waas ku polahna.

Es lilin ku amis tiis,
Diseuseupan ku barudak,
Matak isin ku nu geulis,
Dikiceupan bet ngadilak.

Awi bitung awi wulung,
Barala dapurna wae,
Anu jangkung ulah pundung,
Salah mah hampura wae.

Pipiti di bungawari,
Tetenong dibobokoan,
Lalaki jaman kiwari,
Hade omong pangoloan.

Paribasa nganyam samak,
Neukteukan bari motongan,
Paribasa neang anak,
Ngadeukeutan popotongan.

Ti peuting samping geresik,
Ti beurang tumpal bandera,
Ti Peuting pagilinggisik,
Ti beurang papanggih era.

Kunaon kanyere semplak,
Mana semplak ku tiwuan,
Kunaon awewe nyentak,
Mana nyentak timburuan.

Suwangkung ulah dihumbut,
Pikeun tihang papajangan,
Nu jangkung ulah sok imut,
Bisi kuring kaedanan.

Kukulu di buah manggu,
Pisitan buah ramanten,
Kuru lain teu nyatu,
Mikiran nu hideung santen.

Kuring mah alim ka Bandung,
Sieun ka Sumedang hilir,
Kuring mah alim dicandung,
Sieun ditinggalkeun kilir.

Kuring mah alim ka Bandung,
Hayang ka Soreang wae,
Kuring mah alim dicandung,
Hayang ku sorangan wae.

Baju Hideung kancing tangan,
Dikaput ku merang awi,
Nu hideung matak teu nangan,
Sing emut ka diri abdi.

Baju koko dibulao,
Kembangna katuncar mawur,
Ari bogoh ti bareto,
Terang-terang geus ku batur.

Batur mah dibaju hideung,
Kuring mah kabaya wae,
Batur mah dipikatineung,
Kuring mah sangsara wae.

Kasur jangkung bantal panjang,
Aya bogo di kacaikeun,
Kanu jangkung kuring melang,
Asa bogoh hayang ngajadikeun.

Daun nona daun saga,
Katuruban ku Jarami,
Teu ayeuna sugan jaga,
Kasorang ku diri kami.

Cukangkang diguling munding,
Kincir ngait kana wijen,
Duh akang kumaha kuring,
Pikir ngait kanu sejen.

Puyuh ngungkung dina karung,
Tiiran dina irateun,
Isuk nguyung sore nguyung,
Mikiran piduriateun.

Badoang manuk Badoang,
Hiberna kana wahangan,
Dagoan kuring dagoan,
Sapanjang aya halangan.

Lamun hayam dina korang,
Meureun hese usik malik,
Lamun heug henteu kasorang,
Meureun paeh ge buncelik.

Bangbara dina bangbarung,
Kulit munding kahujanan,
Sangsara kuring dicandung,
Gulang-guling ngan sorangan.

Haruman gunung haruman,
Boboko di ka parakeun,
Kaluman kuring kaluman,
Kabogoh geus nyapirakeun.

Kaduhung kuring ka Lembang,
Ti Lembang jauh ka Cina,
Kaduhung kuring kagembang,
Kagembang kieu rasana.

Ban karet geuning ban karet,
Ditumpakan ku nona Cina,
Kapelet kuring kapelet,
Kapelet kieu rasana.

Majar maneh rek ka huma,
Ka cai ngajingjing kendi,
Majar maneh rek karunya,
Kari-kari nganyenyeri.

Bongan bangkong bongan bangkong,
Ka cai teu di mandikeun,
Bongan bohong bongan bohong,
Pasini teu dijadikeun.

Ngala suluh ka Cililin,
Acan kakejo parena,
Ulah rusuh ngajak kawin,
Acan katenjo hadena.

Ngala pangpung meunang ruyung,
Ngala regang kai papan,
Gering nangtung ngalanglayung,
Lantaran ti kaleleban

Tidak ada komentar:

Posting Komentar